Sabtu, 09 April 2011

Sejarah Gununglarang


GUNUNGLARANG asalna tina dua kecap, yaeta kecap GUNUNG jeung kecap LARANG. Lamun ditilik tina Kamus Besar Bahasa Indonesia, kecap“gunung” nyaeta bukit yang sangat besar dan tinggi, kalayan kecap “larang” ngabogaan harti "perintah supaya tidak melakukan sesuatu atau tidak memperbolehkan berbuat sesuatu". Kusabab kitu "GUNUNGLARANG bisa dihartikeun sebagai suatu daerah/tempat yang tanahnya bergunung-gunung yang memiliki larangan-larangan atau sesuatu yang tidak boleh dilakukan. naon-naon bae atuh anu dilarang dilakukeun tur diucapkeun di Gununglarang teh? handap sing eces :

a). Larangan nyebutkeun kecap “MUNDING” (sajenis binatang kerbau). sakuduna teh nyebut kebo, "KEBO" lamun hiji jalma maksa nyebut kecap anu dilarang tadi, maka akibatna manehna bakal meunang karerepet anu beurat.

b). Larangan nyebutkeun kecap ”"BALA" (sebutan pikeun palataran anu wungkul jukut), sakuduna teh disebut "REMBET". Heug lamun aya hiji jalma maksa nyebutkeun eta kecap, maka manehna bakal nyasap moal nepi-nepi kapatempatan, atawa moal bisa kalur ti wewengkon di mana manehna cicing.


c). Larangan ngadegkeun imah kalayan make “reng” (penyangga genting) jeung “genteng”. Saumpama dilanggar, maka kasaha bae nu ngalakukeuna bakal keuna ku musibah.

d). Larangan nyawah di sababaraha lokasi tanah utama namah di sakuliah perbatasan desa. Sakuduna nyaeta diaseuk bae. Lamun aya jalma wani-wani ngalanggar kana eta larangan, maka eta jalma bakal moal meunang kacukupan, kalayan meunang balai anu beurat dina kahirupana.

Opat larangan di luhur, nyaeta ngan sabagian tina larangan-larangan anu ku penulis apal. Husus larangan anu ka opat, nepi kaayeuna oge masih keneh kajadian akibatna tina nu ngalanggar.


Latar Belakang Sosio Kultural


Kacaritakeun sekitar abad ka XVIII Masehi, Kerajaan Sumedang ngayakeun serangan/ngajorag ka Karajaan Cirebon. Anu maksudna nyaeta arek nalukeun karajaan Cirebon. Kusabab ari jaman baheula mah can aya kandaraan kawas ayeuna, maka ti Sumedang ka Cirebon teh kudu ditempuh ku leumpang atawa paling banterna nyaeta naek kuda. Kusabab perjalanan ti Sumedang ka Cirebon teh lain pagawean memeh dahar, tapi mangrupakeun perjalanan anu jauh, maka prajurit atawa balad tentara Karajaan Sumedang teh ngarasa kacapean diperjalananana. Nya prak bae maraneh nateh areureun heula di hiji tempat anu singkur, jauh kaditu ka dieu, kalayan eta tempat teh kacida diaggap cocokna pikeun reureuh tur nyusun siasat perang. Tah, ti saprak harita eta wewengkon teh jadi rame. Lila kalilanakeun, balad tentara teh kangeungeunahan eureun teh, jadi maranehna kalah mikir dua kali arek nyerang ka Cirebon teh. Antukna, nyerang ka Cirebonna teu jadi. Balad tentara tea aya nu balik deui ka Sumedang, aya oge nu tumetep ngadon bumen-bumen di eta tempat. Kaayeunakeun, eta tempat teh disebut Gununlarang.

Kecap Gununglarang nyaeta aran pangmimitian. Kecap Gununglarang dicokot tina ngaran Putri Eyang Santri anu kahiji nyaeta Munding Larang (Eta oge anu jadi alesan naon sababna dilarang nyebut Munding teh). Terus robah jadi Gunungsari. Kecap ieu dicokot tina ngaran hiji putri, anu ngarana teh Munding Sari. Munding Sari teh nyaeta Putri kadua ti Eyang Santri (buyutna masyarakat Gununglarang). Kusabab eta oge, di Gununglarang teh aya istilah mun baheula mah disebut Pagersari. Pagersari teh nyaeta, benteng (pager) anu diwangun ku tatangkalan atawa dibatesan ku jujukutan anu rada laluhur. Pagersari teh nyaeta benteng anu ngawatesan sakuliahna Gununglarang. Nepi ka ayeuna, eta wewengkon katelahna teh Gununglarang.

Gununglarang jeung Sumedang ngabogaan patali bathin anu kuat. Hal ieu bisa dibuktikeun ku ngaran-ngaran wilayah anu hampir padeukeut, kalayan eta ngaran teh bener-bener lain ngan ukur lalandihan, tapi ngaran anu saujratna. Contona, Karajaan Sumedang baheula ngarana nyaeta Sumedang Larang (ayeuna katelahna Darmaraja). Karajaan Sumedang dina taun 1613 M, dipimpin ku hiji Pangeran anu Katelahna Pangeran Santri (Eyang Santri). Kusabab makam Eyang Santri ayeuna aya di Gununglarang,matak pantes kacida lamun urang Gununglarang nglaim(mengklaim) turunan ti Pangeran Santri.

Salain ti hal tempat-tempat anu aya di Gununglarang reujeung di Sumedang loba nu sarua, budaya Sumedang jeung Gununglarang oge teu jauh beda. Pami teu percanten, sok lah kanca wargi buktoskeun. Kalayan diantos info na yeu..hh…

Dina awal abad ka XVIII Masehi, wadia balad Prajurit Mataram miboga maksud arek ngagempur Karajaan Talaga Manggung. Waktu harita poseur dayeuh Talaga Manggung teh nyaeta di Sangiang. Dina perjalanana eta para prajurit ti Mataram ka Talaga, maranehna ngilu istirahat di Gununglarang. Sakalian alistirahat, maranehna nysusun siasat pikeun ngagempur Talaga Manggung tea. Anu bisa dijadikeun bukti tina eta para prajurit Mataram, nyaeta ayana makam-makam prajurit Mataram saperti Eyang Bagogog jeung Eyang Panulisan.


Asal tur Urutan Pejabat Pamarentah Gununglarang


Awal-awalna Gununglarang teh nyaeta mangrupakeun wilayah anu kaasup ka Desa Haurgeulis. Jadi Gununglarang the nyaeta mangrupakeun hiji pakampungan anu puseur dayeuhna di Haurgeulis dina waktu harita. Dina taun 1864, Gununglarang mekarkeun diri jadi Desa kalayan ngawengku 6 pakampungan anu dipingpin ku saurang Rurah. Kampung Jagahayu, Kampung Medalaksana, Kampung Kubangsari, Kampung Cipicung, jeung Kampung Gununglarang. Dina waktu harita, anu jadi pupuhu Desa the nyaeta Bapak Purwalaksana (1864 – 1893).

Lamun ditataan hiji-hijina, Gununglarang teh tos dipupuhuan ku sababaraha Kuwu atawa Kapala Desa, di antarana nyaeta di pupuhuan ku Bpk. Purwalaksana ti taun 1864 nepi ka taun 1893, ku Bpk. Gunalaksana ti taun 1893 nepi ka taun 1919, ku Bpk. H. Apandi ti taun 1919 nepi 1943, terus diganti ku Bpk. H. Makbul ti taun 1943 nepi ka taun 1950, dina taun 1950 nepi ka taun 1952 kusabab can aya nu kapeto anu jadi Kuwu, harita kapimimpinan dicekel samentara ku Bpk. Rebon (di Gununglarang mah sok katelah oge Bpk. Kemor).

Terus dina tahun 1952 nepi ka taun 1979 dipimpin ku Bpk. Moch. Edji, taun 1979-1984 ku Bpk. Jamhari. Taun 1984-1987 Desa dipingpin samentara ku Bpk. Ahyadi, terus diganti ku Bpk. E. Sunarta ti taun 1988-1998. Saparantosna Bpk. Sunarta lengser, digentos ku Bpk. M. Koko Rudianto ti taun 1998 nepi ka taun 2009. Atuh, Kuwu anu ayeuna keur ngawasa lembur nyaeta Bpk. Salpudin.

Cag ah...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar