Sabtu, 09 April 2011

Jembatan Gantung Gununglarang


Anu mikacinta tur mikaresep kana hicking/jalan-jalan atawa ngalaprak ka pileuweungan, utamana pikeun barudak ngora. Kacida lobana patempatan anu aya di Gununglarang, anu situsi tur lokasina hade keur niiskeun pikir, ngahibur ngabeberah hate anu keur sungkingki. Nguji nyali kanu jiga nu enya boga wawanen. Salah sahijina bakal ditetelakeun ku Aa di handap.

Salah sahiji objek anu kacida deukeutna ti puseur dayeuh Gununglarang, nyaeta Sasak Gantung (Jembatan Gantung) Gununglarang. Ieu sasak asal muasalna nyaeta hasil ti upaya pamarentah pikeun nyipatakeun masyarakat anu tumaninah, tur gampang dina komunikasi. Hususna pikeun Gununglarang nyaeta, dina upaya ngagampangkeun ka para patani pikeun ngajual hasil tatanena ka dayeuh Bantarujeg.

Sasak Gantung Gununglarang, panjangna kurang leuwih 250 meter. Dibangun ku pamarentah ngaliwatan program Abri Masuk Desa (AMD) taun 1993. Pas harita Aa arek asuk sakola ka SMP Negeri 1 Bantarujeg.

Alhamdulilah, Aa mah teu kantos kokojayan dina caah walungan ngabelaan hayang sakola. Pas harita arek asuk ka SMP, program AMD asup ka Gununglarang. Teu kawas lalanceukan kelas Aa, maraneh namah hayang sakola ka SMP teh ngabelaan bubulucunan, titataranjang (punten sanes porno) ngabelaan ulah sampe baju sakola baseuh ku cai walungan. Matak dina jaman harita mah, nu sarakola ka SMP teh kacida pisan saeutikna. Kalolobaan na mah nu sarakola teh ngan jalma-jalma jaregud wungkul.

Alhamdulilah, berkat rahmat Allah SWT serta dengan didorongkan oleh keinginan yang luhur supaya berperikehidupan kebangsaan yang bebas, maka masyarakat Gununglarang kaagehan proyek AMD.

Sasak Gantung Gununglarang, rame na dipake objek wisata teh nyaeta utama namah mun keu bulan Puasa/Ramadhan. ieu patempatan sok dijadikeun tempat pikeun ngabuburit atawa nungguan buka. Ngabuburit biasana sok dilaksanakeun sekitar jam 4 sorean saba'da na sholat Asyar jeung tadarusan. Da alhamdulilah, masyarakat Gununglarang mah kaasup masyarakat anu agamis. Amin...

Situasi jeung lokasi Sasak Gantung kacida pisan endahna. Komo lamun dina waktu keur sore. Dibeulah kulon aya layung beureum, dipasieup ku hiliwirna angin. Duh genah kacida. Kagiatan anu wisata ka Sasak Gantung teh rupa-rupa, aya nu bari nguseup (mancing), aya anu bari mararak (ngala lauk di girangeuna di bendung heula), aya nu ngan ukur ngarobrol, lulumpatan dina keusik walungan, jeung rea-rea deui. Cocok na mah ambengan ka Sasak Gantung Gununglarang mah bari bebekelan kana tumaninah. Mawa payung, mawa samak, mawa baju salin, tur kahade poho mawa dahareun beh teu kaciri teuing teu... he...he...

Cag ah... ke teraskeun deui

Tidak ada komentar:

Posting Komentar