Sabtu, 09 April 2011

Program Nasional Pemberdayaan Masyarakat


Gununglarang salaku hiji desa anu salawasna icikibung dina upaya pangwangunan anu diprogramkeun ku pamarentah sok nitetanan ka tatanggana pikeun matri pikiran, ngawengku hate dina raraga ngilu nyukseskeun pangwangunan nasional.

Salah sahiji pangwangunan anu ayeuna keur digedor-gedorkeun ku pamarentah ka tiap padesaan nya eta anu disebut Program Nasinal Pemberdayaan Masyarakat (PNPM-Mandiri Pedesaan)

Program Nasional Pemberdayaan Nasional Gununglarang dina taun 2010 nyaeta program Bronjongisasi. Bronjongisasi dipilih nyaeta, dina upaya nyegah masyarakat Gununglarang teu bisa nyakolakeun barudakna ka sakola Madrasah Ibtidaiyah (MI PUI) Gununglarang. Naon nu jadi sabab? Sabab sakola MI PUI Gununglarang teh sababaraha waktu katukang ka keunaan bencana longsor.

Kusabab kitu, salah sahiji antisipasina nyaeta, eta anu longsor teh kudu geuwat-guewat di bronjong. Program awal namah tina PNMPM Mandiri Pedesaan Gununglarang teh nyaeta, pengerasan jalan ti Gununglarang ka Medalaksana. Sabab Tim Pelaksana Kegiatan (TPK) ngabogaan penilaian, program bronjongisasi leuwih mere mangfaat ka masyarakat, maka bronjongisasi anu jadi pilihan akhirna.

PNPM-Mandiri Pedesaan Gununglarang diterapkeun kana ukuran 12 x 13 meter bronjongisasi. Biaya swadaya ti masyarakat nyaeta 14.850.000, kalayan dibantu ku pamarentah nyaeta 107.640.000.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar